JODO DUNYA AKHÉRAT

Kacaritakeun aya dua wanoja keur ngobrol di taman, bari jeung ngaropi. Manéhna teu kaganggu ku angin, manuk jeung sora-sora sasatoan, menehna jongjon ngobrol bari nukangan jalan. Isi caritana:
Wanoja 1 : “ Ku kuring ditingali téh jiga aya masalah nu berat?”
Wanoja 2 : “ Puguh bener, kuring téh keur baluweung mikiran caritaan si bapa.’
Wanoja 1 : “ cing atuh nyarita ka kuring, lain urang téh sobat, sugan bisa nulungan, émang aya naon?
Wanoja 2 : “ kieunya, tapi omat ulah diseungseurikeun?”.
Wanoja 1 : “ Moal atuh, piraku sobat susah malah nyeungseurikeun, tapi ari lucumah teu nanaon atuh kuring seuri, engké bisi teu normal, sok burukeun atuh aya naon?”
Wanoja 2 : “ Kieu kuring téh dijodokeun ku si bapa jeung lalaki anak babaturan si bapa. Kuring teu bisa nolak, sabab karunya ka bapa meureun niatna ku ngajodokeun ogé éta téh memang sosok anu pantes keur kuring. Cing pang milu mikirankeun supaya dina nolakna kuring aya bukti kunaon kuring nolak.”
Wanoja 1 : “kumaha lamun urang nyewa ditektif, ngan saya ménta ngaranna, mun bisamah fotona, gawéna di mana. Engké kabeneran kuring aya dulur jadi wartawan, sugan bisa diménta tanagana jadi ditéktif.”
Wanoja 2 : “Syukur atuh lamun kitumah, tah ieu fotona, ieu ngarana lengkep jeung alamat imah katut gawéna.”
Wanoja 1 : “Wooooow kerén, tapi naha didinya teu daék ka lalaki anu sakieu gantengna?
Wanoja 2 : “Lamun lalakina benermah daék, tapi mun ditingalimah memang kasep, beunghar ngan hanjakal culas (playboy)”.
Wanoja 1 : “Ah nukitu waé jadi aleusan. Nya wajar wé atuh eukeur mah kasep nya beunghar nya pantes wajar da aya modalna”.
Wanoja 2 : “Puguh waé dahirup téh keur didunya wungkul, ari bekel di akhérat kumaha, piraku kasebutna imam teu bisa ngabimbing, émang di dibawa ka akhérat mung kasep, beunghar atuh karunya kanu goréng jeung miskin.”

Waktu nu sarua dua wanoja teu nyadar lamun lalaki anu dicaritakeun téh aya tukangeun nana pisan. Puguh waé si lalaki ngarasa kahina ku sikap si wanoja 2, pikirna awéwé lain mah nepi ka nguber-nguber, na ari ieu wani-wani ngomongkeun, naon sih kaleuwihan nana. Pokona kuring moal daek dijodokeun ka si éta, mun-mun geulis batan tampilan kampungan kitu (gerents hate si lalaki).

Kacaritakeun, penyelidikan di mulai wartawan titahan wanoja 1 mulai beraksi, mulai ti si lalaki
sok nongkrong di kafe, jalan jeung saha waé nepika data awéwé anu sok bareng lengkep eujeung fotona.

Wanoja 1 jeung 2 ninggali foto hasil penyelidikan meuni asa jauh tina sangkaan, komo wanoja 2, pikirna na teu salah piraku bapana ngajodokeun jeung lalaki nu kitu. Wanoja 1 ogé kacida reuwasna, geuning bener si kasep téh kalakuannana tidak betul.

Hiji waktu wanoja 2, balik ti kampus bari anteng ngobrol jeung wanoja 1 bari leumpang, ti arah lawan aya lalaki ganteng jeung awéwé anu sakitu geulisna ti luhur sa usap rambut, ti handap sa hibas dampal téh bener-bener geulis rancunit, kaluar ti butik mahal, leumpang bari ngobrol, otél, komo si awéwé bari montél ka éta lalaki. Teuing ngimpi naon peting téh teu kahaja si awéwé nubruk ka wanoja 2, atuh buku anu keur dicekel téh ragrag pon kitu deui baju anu anyar meuli ti butik mahal téh ragrag. Eta awéwé ngambekna bari ngaluarkeun basa kasar (nyarékan lak-lak dasar ka wanoja 2) babaturan wanoja 2 rék ngambek tapi di hulag ku wanoja 2 ku isyarat, jadi teu jadi. Bari nyokotan buku nu rag-rag wanoja 2 ukur ngaluarkeun kecap hapunten téh, sing ati-ati kalau mau pacaran jangan di jalan. Dengan nada tanpa marah.

Gebek si lalaki kacida reuwasna horeng wanoja nu katubruk ku kabogohna téh awéwé anu dijodokeun ku kolotna. Tapi manéhna héran ku sikepna, teu ngambék, padahal jelas wanoja 1 & 2 nu katubruk.

Nepika imah ogé si lalaki terus kapikiran ki sikep wanoja 2, naha bisa kitu, béda jeung sikep kabogohna, sanajan salah wani nyarékan lak-lak dasar di jalan. Akhirna si lalaki inget obrolan wanoja 1 & 2, ngenaan sikepna salila ieu, gening tina haté leutik si lalaki ngomong, teu salah kolot ngajodokeun kuring ka wanoja 2, ambéh rubah sikep kuring, tapi kumaha carana sangkan wanoja 2 ngarubah sikep tina benci jadi cinta.

Tos caritana dugi ka dieu heula, sanés watos di sambung deui , tapi bilih aya anu badé nambihan cing pang ngemutankeun kumaha tamatna carita di luhur. Hatur nuhun.

~ oleh iisirma pada April 3, 2008.

Tinggalkan komentar